Sunday, July 13, 2008

Sajak Sunda



kuring rek mulang

waktu anu terus nyerelek
ninggalkeun kuring dina panglamunan
jeung pang harepan anu geus simpe

jigana
poe ieu urang ngan bisa peteuteup
dina panon poe anu geus tilawas
sabab ayeuna panyesaan carita
tina sakabeh kapeurih, kanyaah
jeung kaheman anu kiwari geus teu mere jangji
ukur tibelat nu kapatri na jero ati

teu karasa
lalaunan cimata geus najero dada
nahan kanyeri tina mangsa anu bakal datang
pileuleuyan
pileuleuyan
jaga urang bakal patepang deui

cipasung, 28 april 2004



Purnama Opatwelas

(keur Siti Rahma)

ningali rupa bulan tengah peuting
ngingetan wanci anu kungsi kalunta
cicing jempling
mémpéndéati nu tunggara
; anjeun duka di mana

lalaunan
lambaran mangsa patingjorélat
mang pirang pirang carita patingbelesat
nyimatakeun sumoréang
tina sakabeh kamelang

naha iraha urang bisa patepang
;teu kuat nahan tibelat
ngan anjeun ilang paanggang

Ciputat, april 2007